Senin, 16 Maret 2015

maling gegero maling ( pikeun 6 urang ) versi SMPN 02 Leuwisadeng

cast :
1.sitikhopipah alliskkandar (ipok)
2.nureliyah
3.jalal
4.taufiq
5.fauzi
6.septiadi

                                di hiji sakola favorit nyaeta smpn 2 leuwisadeng , aya 3 urang siswa populer anu di segani , maraneh na nyaeta ipok , eliyah jeung fauzi . anu bisa mareunangkeun naon oge anu d pikahayang na kalawan duit . tapi, aya oge di sakolaan anu sarua aya golongan kadua anu di wangun ti jalal,septiadi jeung taufik . maranehanana pinter,bageur tapi kagolong siswa anu kurang mampu . ku kituna mindeng di remehkeun ku ipok , eliyah jeung fauzi .
    hiji poe , ipok eliyah jeung fauzi rek indit ka kantin pikeun meuli kadaharan maranehanana anu lapar , tapina si ipok teu junun manggihan duitna anu saingetna di ingken dina tasna .

eliyah : ipok, fauzi urang ka kantin yuk !
fauzi   ; hayu , beteung kuring geus lapar euy ,
ipok    ; kuring oge , ke heula kuring rek nyokot duitna heula . (bari muka tasna )
eliyah  ; hayu buru pok ..........

                 pas eliyah jeung fauzi leumpang babarengan bari ngobrol , si ipok ti tukang ngagegero eta budak 2 nu keur ngobrol .

ipok  ; eh , eliyah fauzi tungguan !
eliyah ; naha pok ?
ipok    ; kadieu heula geh .

                  eliyah jeung fauzi malik bari leumpang nyamperkeun ipok .

fauzi : aya naon sih pok ?
ipok ; aduuuuh ,,,, duit kuring leungit yeuh ! maraneh nempo teu ?
fauzi ; nu bener maneh pok ?
ipok ; bener
eliyah ; hah ? baraha leungitna pok ? coba pariksa deui , mereun we aya nyeulap ,
ipok ; mustahil el , ......kuring masi inget tadi nyimpen duit et di dieu ,
eliyah ; uh , coba we atuh garadah kabeh tas anu aya di kelas ieu , pok !
fauzi ; eh tapi tungguan heula , ngagaradahana ke wae lamun kabehanana geus aya di jarero kelas , pan teu ngeunaheun kanu sejenna ,
ipok ; enya , geus atuh lah
fauzi ; enya , ke kuring milu mantuan
ipok ; oke sip , hatur nuhun, zi .
fauzi ; sawangsulna
eliyah ; hayu atuh , urang geura ka kantin , kuring geus lapar . kajeun kuring nu nlaktir .

             leumpang bari metot leungeun ipok jeung fauzi kaluar kelas , saanggeus jajan di kantin . kabeh siswa geus aya di kelas , eta budak 3 ge langsung asup ka kelas bari rek nananyakeun masalah duit si ipok nu leungit .

eliyah ; rerencangan sadaaya , aya nu ningali artos ipok teu ?
septiadi ; sabraha leungitna ?
eliyah ; 50 rebu ,

 teu basa basi deui eliyah langsung lempang ka meja si jalal anu ku manehna di pikasewot .

eliyah ; ipok , ipok kadieu yeuh , aya yeuh duitna dina tasna si jalal , ( bari ngacungkeun duitna )
jalal ; (nyimpen bukuna ) lain ! eta mah duit kuring , pamasihan bapa kuring pikeun maya sakola eliyah : halah ngaku wee, iyeu buktina aya duit 50 rebu na tas maneh ,
 ipok ; teu nyangka nya ,,,,,,,,,,! jelema anu salila ieu d anggap alus , sarta jujur tetela bisa maok           duit kuring ,! EH JALAL MANEH TEH SADAR diri atuh , kurang alus naon kuring ka maneh , bisa" na maneh maok duit kuring .
jalal ; tapi pan kuring teu maok duit maneh ,
ipok ; halah .............penjara mantakan pinuh lamun aya maling nu ngaku
taufik ; maneh te kaci kitu pok . can tangtu s jalal anu maok duit maneh
ipok ; huh mustahil , kuring yakin eta duit kuring . mustahil oge lamun s jalal boga duit saloba kieu , (bari ngarebut duit eta ti s jalal )
septiadi ; eh pok , maneh tong kitu ka jalal , emang na maneh nu mere rezeki ka s jalal , pan lain mereun .
ipok ; halah repeh maneh tep , lamun te nyaho nanaonmah
fauzi ; heuh geus geus , ulah parasea kitu , ke wae masalah ieu d berees keun . ayeuna pn keur jam   kosong , leuwih hade maneh nenangkeun diri heula kaluar kelas , kuring teu milu nya da rek ngerjakeun tugas heula . ke kuring nyusul
ipok ; hayu atuh el , emosi wae kuring cicing di die mh .
eliyah ; enya atuh


                  ipok jeung eliyah lempang kaluar kelas . tp, d sisi eta jalal ngarasa sedih , da kabehan nuduh ka maneh na lamu maneh na nu geuys maok duit s ipok

septiadi ; geus lah lal , tong sedih , teu perlu teuing .
jalal ; tp naha kabehanana nuduh ka kuring ?
taufik ; lamun maneh teu salah , naha maneh kudu sieun ?
jalal ; lain kitu fik , pan eta duit ti bp kuring pikrun mayar sakola , kuring kudu nyarita naon ka bp kuring .
taufik ; sing sabar we nya

               pas jalal septiadi jeung taufik kr ngobrol . fauzi leumpang nyampeurkeun ka budak eta tiluan

fauzi ; kuring nyaho saha nu geus maok duit eta ,
taufik ; hah , saha zi ?
fauzi ; ssssssssssssssssssssstttttttttttt ,,, ulah gandeng , nu maok duit eta si eliyah .
septiadi ; ih maneh ulah sambarangan
fauzi ; maNEH MAH DA TEU PRCAYA KA KURING
jalal ; teu kaci nuduh jelema sambarangan kitu zi .
septiadi ; barinage jiga nu mustahil lamun si eliyah nu maok duit eta .
fauzi ; tapi ,eta pisan kanyatana
jalal ; tapi ,,,,,,,, maneh nyaho timana lamun si eliyah nu maok duit eta
fauzi , tadi kuring isuk ningali make panon kuring sorangan , lamun s eliyah anu nyokot duit eta tina tas na si ipok
jalal ; oh , ai aya buktina onam
fauzi ; kajeun , ke kuring nu nyarita ka s ipok , maraneh teu perlu panik
jalal ; enya mangga , hatur nuhunnya zi , maneh daek mantuan alurang
fauzi ; enya sawangsulna .

                         pas fauzi jeung budak 3 an keur ngobrol , teu lila si ipok jeung eliyah datang asup ka kelas . fauzi langsung ngabejakeun lamun si eliyah nu geus maok duitna si ipok .

fauzi ; babaturan sadaya , ayeuna waktuna maraneh apal  , saha anu sebenerna nyokot duit ipok . 1 maneh na nyaeta jelema pangdeketna anu npang di percayana ku si ipok
ipok ; jadi............ ah maenya s eliyah , pan moal mungkin lah ,
taufik ; atuh saha deui , da anu deukeut jeung maneh mah si eliyah doang .
ipok ; el bener maneh nu geus maok duit kuring ?
eliyah ; (tungkul)
ipok ; eliyah ,,,,,,,, jawab ?
eliyah ; enya , ku naon ? rek ngambeuk ? sok mangga /
ipok ; apes ,,,,,,,, salila ieu kuring percaya ka maneh , tapi maneh ngahianat el , naha maneh tega ka kuring
eliyah ; eh maneh nu nyieun kuring robah , pok ! maneh nu mamaksa kuring pikeun nuturkeun gaya hirup maneh , kuring nyeuri hate pok .
jalal ; geus lah , naha maneh nu jadi parasea ,,, hampura wae pok , kuring nyaho ka ayaan duit eliyah keur hese . kamari kuring ningali maneh na ngadaftar beasiswa pikeun siswa kurang mampu ,
ipok ; hah ? nu benr eliyah ?
eliyh ; (ungkleuk )
ipok ; tapi , maneh bet teu nyarita ka kuring ?
eliyah ; enya emang kuring nu salah . hampura kuring , kuring teu kungsi nyarita ka maneh . ku sabab kuring teu hayang ngagawekeun maneh
taufik ; hampura wae pokn , pan maneh tos jujur
septiadi ; tapi , carana tong kieu atuh , sagala nuduh si jalal
jalal ; geus atep , ulak sok kitu , pan si eliyah ge babaturan urang .
septiadi ; uuuuuuuuuhhhhhhhhhh,,,,,,,,,,,,,,
jalal ; ges lah pok , hampura keunwae si eliyah
fauzi ; enya teu sakuduna urang parasea jiga kieu .
ipok ; enya muhun . hampura kuring oge nya eliyah  . tapi tong d ulang deui nya kajadian anu siga kieu , iraha iraha lamun maneh aya perlu hiji hal , nyarita wae ka kuring , sugan we kuring bisa mantuan .
eliyah ; enya hatur nuhun nyah pok , ke insya allah lamun kuring ges boga duit , duit maneh nu 59 rebu , ku kuring di gantian
ipok ; teu ku nanaon teu di gantian geh , asal tong di ulang deui .
eliyah ; enya atuh , hatur nuhun pok ,

                   didinya ipok jeung eliyah oge sasalaman saling ngahampurakeun .

taufik ; eh , jigana aya nu katinggaleun da ?
septiadi ; naon tah ?
taufik ; aya nu tacan menta hampura tuh
ipok ; ow , astagfirullah aladzim . hilap euy . hampura kuring nya , lal ! kuring tos salah sangka ka maneh , aduuuuuuuuuh era euy .
jalal ; enya teu nanaon pok , kuring teu ambeuk ka maneh , kuring ge nyaho ieu mah cuman salah paham
ipok ; enya , hatur nuhun atuh ges di hampurakein , eh heueuh jalal  yeuh duit maneh nu geus ku kuring d rebut tadi , sakali deui hampura nya lal ,,,,,
jalal ; alhamdulilah , hatur nuhun nya pok
ipok ; nya sawangsulna .
           geus nyah ayeuna mah masalah na ges beres . jadi , ayeuna mah tong aya deui salah sangka di antara urang sadaya ,,,,,,,,,,,, okeeeeee
jalal , eliyah , fauzi , septiadi , taufik ; okeeeeeeeee


                       


    eta pisan drama anu ku urang tampilkeun , mugi mugi masihan mangpaat kanggo ngeunaan  kahirupan sapopoe  :)